Prabu Siliwangi

  • Uploaded by: Muhammad Zulfikri
  • 0
  • 0
  • February 2021
  • PDF

This document was uploaded by user and they confirmed that they have the permission to share it. If you are author or own the copyright of this book, please report to us by using this DMCA report form. Report DMCA


Overview

Download & View Prabu Siliwangi as PDF for free.

More details

  • Words: 6,581
  • Pages: 17
Loading documents preview...
Surat dari seorang teman Kang Nonggerak a.k.a Ki Santang Punten Kang TS, saya mau ikutan share... Sebelumnya maaf yang kang, ini cuman surat elektronik yg dikirim oleh seorang re kan di milis sunda... yang mungkin sejarah bukan mitos juga bukan, hanya karena menyangkut Eyang Prabu Siliwangi ya coba saya share juga di trit akang TS ini... anggap aja dongeng ; ya barangkali sesepuh kita di FS ada yg lebih tahu bisa me mbabarkan apabila kumpulan surat-surat ini benar adanya; karena di milis sunda s endiri tulisan ini banyak dikecam terutama oleh ahli2 sejarah dan arkeologi sund a. Hanya masalah nya semua pake bahasa sunda... agak sulit saya menterjemahkannya.. . mohon rekan yg bisa menterjemahkan ke bhs. indonesia ada yang bersedia membant u :rose , terima kasih. (Serat = Surat dari seorang teman Akang Nonggerak a.ka Ki Santang (bukan Kian Sa ntang lho ya jangan salah ). yang nama Ki Santang ini tertulis juga di Uga Wangs it Siliwangi, beliau mengaku dahulu sahabat Eyang Prabu Siliwangi semasa masih h idup dan Ki Santang ini dari bangsa Jin, ikut berinternet ria .. biar engga GapTe k katanya he he he aya aya wae : . Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jad i panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyora ng saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung H alimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kimpo i di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! T api ulah ngalieuk ka tukang!..................(cuplikan Uga Wangsit Siliwangi) Terjemahan bebas: Kalian yang di sebelah barat! Carilah oleh kalian Ki Santang! Sebab nanti, keturunan kalian yang akan mengingatkan saudara kalian dan orang lain. Ke saudara sedaera h, ke saudara yang datang sependirian dan semua yang baik hatinya. Suatu saat na nti, apabila tengah malam, dari gunung Halimun terdengar suara minta tolong, nah itu adalah tandanya. Semua keturunan kalian dipanggil oleh yang mau menikah di Lebak Cawéné. Jangan sampai berlebihan, sebab nanti telaga akan banjir! Silahkan per gi! Ingat! Jangan menoleh kebelakang!.... Isi surat ini Wallahu alam bener apa tidak nya mah, , bisa jadi hanya sekedar lamu nan, bisa jadi pula itu bener kenyataanya, karena tidak ada artefak-2 sajarah ya ng mendukung. Oleh karenanya silahkan maknai masing2 sesuai hati nurani masing2 juga ? ) Berikut surat-surat yg beliau kirimkan ke milis-2 sunda di internet : 15 July 2008 11:49PM -0400 (Serat :1) SILIWANGI & KI SANTANG by Nonggerak Siliwangi geus tilar dunya, henteu tilem, teu rubah jadi maung atawa nu mistik l ain na. Siliwangi jalma biasa, raja pajajaran, bangsa manusa, nu pernah hirup di alam dunya, mingpin tatar sunda. Boga batur deukeut ngarana Santang, pamingpin negri sancang, bangsa jin, lain bangsa manusa, nepi ka ayeuna aya keneh, lain sa kti, tapi geus fitrahna sakabeh bangsa jin umurna leuwih panjang. Ulah nyampurkeun dongeng jeung carita enya. Carita nu aya ayeuna ngan dongeng wu ngkul, di kira-kira, padahal teu sarua. Euweuh sahiji-hiji acan sesa pajajaran n u geus kapanggih nepi ka danget ieu. Mun hayang nyaho carita sabenerna nanya ki santang, ulah nanya ka jalma, loba di kira-kira.

Siliwangi, ki santang lain maung, lain turunan maung atawa robah jadi maung. Mau ng ngan saukur ciri. Jadikeun diri rakyat sunda jiga ka gagahan maung. Ulah kala h ngaku-ngaku bangsa maung atawa turunan maung. Jiga nagara anjeun ayeuna nu nyi eun ciri nagara, Manuk Dadali. Lain anjeun turunan manuk dadali. Kuring nonggerak, unggal poe sabenerna aya dihareupeun aranjeun.. Kuring hariwan g jeung karunya aranjeun rahayat sunda ngan loba ngobrolkeun ngimpi.. geura huda ng, baca... baca... baca alam jeung diri... (Serat :2) SILIWANGI & KI SANTANG - Jangji-Amanat Kuring lain kaiket ku jangji, ngan kaamanatan ngajaga nu beunang di jaga Ulah di udag ku akal jeung indra, sabab loba kajadian alam nu ku urang teu bisa ka baca , Tarima ku hate, asal ulah nyalenggor akidah kanu kawasa Ayeuna geus mangsana aranjeun jadi urang sunda lain bangsa anu ngan bisa cumarit a geura narindak jiga nu diamanatkeun batur kuring harita Kajadian nu kaalaman ku aranjeun ayeuna geus kabaca di jaman harita maka geura b alik jadi urang sunda saenyana Salila aranjeun jauh tina kamusyrikan kuring bakal aya ngabarengan sugan anu di baca ku raja aranjeun harita kajadian kuring nyaksian di dieu (Serat :3) SILIWANGI & KI SANTANG

Tilarna Sri Baduga Siliwangi

Tilarna Sri Baduga Siliwangi 1. Harita Siliwangi panceg indit ti dayeuh.Malipir sisi gunung nepi ka kidul.Nga sruk2 leuweung geledegan.Nepi ka kuda kadeudeuhna cideka.Teu bisa ditunggangan d eui.Bakating ku nyaah jeuh deudeuhna ka eta kuda.Batur kuring nitah ponggawa2na nyieun arca kuda.Titah disimpen di luhur gunung haruman. 2. Kunaon bet kudu di luhur gunung,ngarah bisa keneh nempo dayeuh nu di tinggalk eun cenah.Hulu kudana disanghareupkeun ka dayeuh Kuda eta jumerit menta tetep diaj ak kajeun geus aya gantina kuda hideung oge..Nya dibawa terus bari ngan saukur d itungtun.Nepi ka hiji kampong tengtrem di kidul 3. Nepi ka kiwari eta arca tetep aya di luhur gunung haruman.Nyanghareup ka daye uh.Ditungguan ku hiji tangkal gede.Guru kuring tetep mulasara jang pangeling2 sa to kanyaah sobat dalitna.Saha ayeuna nu bisa manggihan eta arca kuda ? Nu kuat t eu kagoda jang nyembah eta arca. 4. Kunaon dayeuh bet di tinggalkeun,kunaon bet sakabeh nu dipikaboga diteundeun di 25 leuit,kunaon bet anjeuna milih balangsak asruk2an ka leuweung,kunaon bet n epi ka runtuh eta karajaan gede the,kunaon bet anjeuna menta Ki Santang nyumputk eun dayeuh jeung sakabeh eusina ku halimunan ? 5. Saha nu nyangka Ki Baduga nu sakitu gagah rongkahna nepi ka ninggalkeun kadun yaan alatan haying tengtrem dunya jeung nyiapkeun akherat ? Saha nu nyangka aya jalma deukeut di karaton nu tega nganyerikeun Ki Baduga nepi kapundungna ti daye uh ? Saha nu nyangka nepi ka ayeuna eta dayeuh ngahandeuleum ? 6. Dayeuh,hiji tempat luhur gunung.Dijieun pasagi lima.Dihijikeun ku 5 segi tilu .Bisa nempo ka 5 tempat.Aya 5 jalan ka luar.Aya kalapa sarebu tangkal,25 jajar,2 5 leuit tempat panyimpenan urut taman karajaan,kaputren..Ngan saukur aya sesa ba tu nu digurat ku curuk Ki Baduga saencan hijrah.. 7. Ngan hiji batu eta titinggal Ki Baduga nu ka cirri..Ngan Ki Santang nu nyaho

dimana eta batu nangtungna.Sawareh ka keueum cai nyusu,herang,tengah dayeuh nu g eus jadi leuweung geledegan Saha nu bisa manggihan..? Budak leutik tukang ngagigig ring kalakay jeung tutunggul.. Dimana ? Dihareupeun aranjeun. 8. Ki Baduga netep di hiji tempat ,nekunan ibadah nu anyar pinanggih nepi ka til arna.Diceungceurikan ku sakabeh nu mikanyaahna. Ku batur dalitna. Ki Santang. 9. Dina rek tilarna Ki Baduga nyalukan Ki Santang nu satia nungguan.."Kuring rek titip ka Akang" "Naon Yi," cenah."Teruskeun tugas kuring ngadegkeun akidah ka Gus ti Allah Kuring rek mulang ka manten-Na"."Duh Gusti," cek Ki Santang,ulah nyarita kitu Kuring kumaha ?" Ki Santang reumbeuy ku cipanon. 10. Bari ngalengis Ki Santang nyarita,"Iraha deui kuring boga dulur jiga Ayi." C eurik,duanana ceurik.Dua mahkluk gagah rongkah tina dua bangsa jumerit hatena ka pisah ku takdir makhluk. "Duh Gusti,"Ki Santang ngarenghik deui,cipanona tambah ngarembey Ki Baduga teu kawawa,milu muragkeun cipanon 11. Ragrag cipanon kanyaah Kanyaah nu leuwih ti dulur sakandung Dulur tina sobat dal it,ti dua jalma (makhluk) nu beda bangsa Turutaneun aranjeun 12. "Ulah kitu Ki Akang kudu ikhlas," Ceuk Ki Baduga bari dadana sesek nahan cipan on."Kuring rek nitip,handeuleumkeun dayeuh jeung eusina,sakur pakaya kuring di m ana wae ayana,bawaan teundeun di dayeuh.Kuring geus nyadiakeun salawe leuit.Jaga ku Akang sabisa-bisa. Kadua ulah hariwang,ke dina mangsana 13. aya manusa jiga kuring nu boga hate jiga kuring Ke datang ka ngimpi akang ". "Yi, ulah ninggalkeun akang Duh Gusti akang kumaha ?".."Ulah hariwang kang,anggur mundut ka Nu Kawasa kuring sing salamet nyanghareupan hisab kubur." Der duanana pa ungku -ungku inget kana dosa-dosana.Cipanon dua prabu ragrag ka dunya. 14. "Kuring nitip rahayat kuring,nu bakal kaleungitan cepengan nepi ka bijil nu tiluan Nu Saurang bakal dibarengan ku akang,mantuan nu tiluan Lempengkeun akidahna Ban tuan ku akang Nitip kuring Engke dina mangsana bikeun bekel ti kuring Nyanghareupan hi ji jaman nu rusak 15. Jaman nu rusak ku kahayang ". Saung butut jadi saksi sobat dalit nu rek kapisa h ku takdir Ajal Saung butut nu jadi saksi Nepi ka tilarna Ki Santang ngalenyap Di usap ta rang baturna Euweuh nu nyaksian (makhluk hirup lain salian ti Ki Santang) Ngan duaan K i Santang ngalenyap 16. ( Tos heula ) Assalaamu'alaikum Wr.Wb. [Baraya_Sunda] (Serat :4) SILIWANGI & KI SANTANG - Pesen Ka Nu Tiluan Pesen Ka Nu Tiluan : Aya maksud nu nyulusup dina ati,nepikeun naon nu jadi harti,ngarepkeun ngoreh nu bakal jadi bukti. Sing saha nu geus dijeujeuhkeun ngariksa,sakabeh titinggal nu jadi sesa,kudu geura netepkeun hate bari teu kudu di paksa. Anjeun aya di dunya ,pasti aya maksudna,geura ngaca kana hikmahna,ulah nyumput tina kodratna. Kalakay geus pabu rantak,euweuh harti pabalatak,lain maksud ka alam calutak,tapi sing geura wani n indak. Nu niliktik nulungan jalma leutik,loba nyanghareup manusa loba banda,bari kudu n epikeun aturan ti Nu Kawasa. Bari awak loba kasiksa,jadi pamuntangan jelema loba ,teu meunang ngarumas nu geus jadi garisna. Anjeun aya jang jalma loba,ngadegkeu n akidah titah Nu Kawasa,geura maca geura walaya. Budak gede beuteung badag,sakabeh karusakan di udag,ulah nepi korban loba murag.

Leumpang di jalan pinuh ku batu,ngasruk alas teu make baju,milu satia nuturkeun waktu. Anjeun aya jang muka mangsa,dikudukeun hirup di lingkung murka. Tapi hat e teu meunang kagoda. Geura muka geura ngariksa,lawan murka. (Serat :5) SILIWANGI & KI SANTANG_- Prasasti Batu Tulis Prasasti Batu Tulis ? Kunaon Prasasti Batu Tulis aya ? Sabab dijieun saenggeus Ki Baduga maot. Saenggeus menta sesa Pajajaran dihandeuleumkeun. Surawisesa nu indit ka kulon,lain nu balik ka dayeuh. Jadi saenyana dayeuh teh lain di tempat Batu Tulis. Prak pikiran,prak baca ku hate. Dia nu marisah ka kaler ( kaler di tempat terakhir Raja Pajajaran ),darengekeun ! Dayeuh ku Dia moal kasampak 16 July 2008 12:01AM -0400 (Serat :6) SILIWANGI & KI SANTANG - Ki Santang Jeung Bangsa na. Ki Santang Jeung Bangsana Santang,pamingpin ti salah sahiji bangsa jin,hiji nagari nu dipikanyaho ku bangs a Ki Baduga. Ka iket ku jangji. Jangji sosobatan. Lain jangji nu diharamkeun ku Qur'an. Ulah dibolokotan ku kapercayaan nyimpang. Nu matak ngarusak kaimanan. An ggur geura buru teangan,Katerangan Nu Bisa Jadi Puntangan. Hiji mangsa,salah sahiji nyarita. Kunaon bet bangsa kuring nu kerep disalahkeun ? Bangsa kuring jeung anjeun sarua. Boga anak,boga kulawarga. Dahar, nginum, nye ri, gering, bungah,neangan rejeki,maot Naon bedana jeung aranjeun ? Teu pantes ng an ukur disalahkeun,digogoreng,difitnah Kawajiban kuring sarua,ibadah,nu daek ibadah Ulah ngamulyakeun bangsa kuring, nyem bah,atawa ngagantungkeun nasib, nanya mangsa kahareup da bangsa kuring ge sarua te u nyaho. Mun aya nu mere nyaho ti bangsa kuring (nu jiga tadi disebutkeun),ngan ngabobodo,ulah di denge Anggur urang babarengan muntang ka Allah SWT. Kuring jeung anjeun beda alam,lain goib. Ngan kuring teu eces katingali. Tapi la in teu bisa panggih. Bangsa kuring jeung anjeun nu bener akidahna moal sagawayah manggihan atawa cumarita,da teu meunang cuek agama. Saha nu sagawayah ? Nyaeta jin atawa manusa nu teu milu aturan agama. Umur urang sarua,pondok. Ngan kusabab beda alam kuring jiga hirup leuwih lila. K eur tapakurankeuneun meureun. Kuring gancang mun ngalengkah ? Enya mun di alam a njeun. Di alam kuring nya saayana. Sakali deui kuring menta aranjeun bangsa manu sa ulah loba kapengkolkeun kayakinan. Ulah kabobodo. Teu sakabeh bangsa kuring bisa atawa kungsi manggihan bangsa anjeun. Kitu deui s abalikna. Saha nu bisa ? Urusan Nu Kawasa. Euweuh kadaharan anjeun nu bisa didahar ku kuring. Kuring cenah dahar tulang ? A tawa kuring dahar manusa hirup da aya tulangan. Henteu pisan. Jadi jang naon anj eun mere sajen ka kuring ? Da moal dihakan. Teu bisa. Nu aya musyrik,doraka pali ng gede. Kalah meunang murka. 17 July 2008 9:54PM -0400 (Serat :7) SILIWANGI & KI SANTANG_- Maung Pajajaran Maung - Pajajaran Salah sahiji nyaritakeun zaman harita,aya 3 macan nu dijadikeun ciri.:

Macan bodas, ciri elmu2 nu ngajurus kana ngubaran. Teu make menyan, sajen,atawa wirid.Ditungtungan ku muntang jeung nyerahkeun diri ka Allah SWT. Elmu nyieun ub ar tina dangdaunan,akar jeung sajabana. Ubar panyakit katempo jeung teu katempo. Pajajaran geus ti baheula ngarti jeung nyaho kumaha ngubaran. Teu dicampur ku m istik. Teu ngalanggar akidah.. Macan Hideung, ciri elmu2 nu ngajurus kana kadunyaan,ngatur hate jalma,ngahijike un salaki pamajikan nu pipisahan,ngoprek hate jalma,miceun hate jalma nu kedul, bedegong, harak,jeung sajabana Sarua teu make sajen, menyan, atawa kudu wiridan at awa puasa Istuning tina kakuatan diri Macan loreng, lodaya, maung loreng, ngajurus kana elmu2 heuras,saperti silat pam acan, sinuwun tilu jeung sajabana,nempo ti kajauhan,ngoet ti kajauhan, ngarusak jeung ngajaga supaya teu rusak Teu make menyan,sajen atawa ngawirid jeung puasa. E stuning tina kakuatan diri Kunaon teu make wirid atawa puasa ? Saba eta mah jang ibadah ka Gusti Allah.. Te u meunang dipengkolkeun kana tujuan eta. Kunaon teu make menyan atawa sajen ? Ku sabab lain menta bantuan jin,jeung kudu make aturan muslim.. Dimana ayeuna eta e lmu2 teh ? Di nu tiluan Teu bisa diteangan,ke oge datang Datang ka saha ? Ka jalma2 nu geus ka ukur ka alusan jerona Akidahna Nu tiluan dimana ? Boa-boa nu sapopoe aya hareupeun anjeun Wallahu alam 18 July 2008 10:08PM -0400 (Serat :8) SILIWANGI & KI SANTANG Hampura kasadayana nu ku kuring dianggap dulur. Kuring mah jalma bodo, teu ngart i kana elmu2 nu dicaritakeun ku kuring dina postingan2 kamari Hampura kuring teu n unjukkeun jati diri kuring heula Sakitu heula ti kuring saparakanca,hampura ka sarerea nu maca ..Sugan kuring diber e keneh mangsa engkena ,jang mawa bukti nu bisa kaciri. Nu bisa karampa ku panca indra Ngenaan Karajaan Sunda teh kumaha sabenerna Hampura kuring lain kumawani,kuring ngan nepikeun ngarah teu salah harti. Ampun paralun lain hayang kapuji,kuring ngajak ngoreh nu jadi misti Hormat Kuring

Nonggerak 20 July 2008 9:38PM -0400 (Serat :9*)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Bahasa Bahasa Resmi (Salah Sahiji Bangsa Jin). Budala wiko wakajabu,reolna samu,majalate nedi,limo minuku. Wati ? Mandirene sit u. Wendosima,mandakutu mina wadabu. Barok badar.Bentomalaku wakinasuta. Bakawulu mastina biko,wastina maruk bisutana Siliwangi. Sutana Baduga, winggiwis esan Pajajaran. Mintuna baka,mintuna madui. Madui minggala ramaya naguro manusa. Sutana naguro Sancang sumana kula ambarakuna,jumbuna bilu panggalipana Santang. (Teu kabeh bangsa Jin ngarti bahasa manusa, Kitu deui sabalikna - red)

21 July 2008 4:33PM -0400 Serat :10)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Khabar 1 Khabar : 1 Kuring menta hampura ka sarerea,ayeuna kuring nepikeun nu teu biasa,bangsa nu ku anjeun sok disangka di kuburan ayana,sabenerna kuring leuwih nyaho alam ti heul a. Lain ngaliwat kanyaho nu can laksana,lain ngarampa mangsa kahareupna,tapi kur ing boga elmuna,nu noong alam engkena. Rek aya angin gede. Barudak ulah loba ulin ka luar,angina mawa panyakit. Rek aya angin gede pisan. Panyakit ispa,jangar kana sirah,otak kurang suplay oksigen,aya sumbatan. Bakteri ,virus, jeung jasad renik laina haliber. Ka seuseup. Narapel ka awak,kana kulit, buuk,kana panon. Panyakit Mencret oge. * Panyakitna teu ngahariwangkeun, angina nu ngahariwangkeun. Demam berdarah menu run. 22 July 2008 3:42PM -0400 (Serat :11)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Nonggerak ? Nonggerak ? Kuring nonggerak,hartina kuring aya,katempo,katingali,kaciri sapopoena ku aranje un. Tapi hanjakal teu dipalire. Wayahna kuring milu icikibung. Da geus wayahna. Geus mangsana. Kuring nyaah ka urang sunda. Nu geus lila tibra. Teu inget kana p urwadaksina. Poho kana wiwitanana. Era mawa sundana. Teu kudu gujrud kuring timana,kuring nyaah ka urang sunda,bangsa nu geus ampir l eungit cirina,teu hayang kaciri sundana. Sunda ngan saukur tinggal ngarana,jalma na geus robah pindah wujudna,era ngaku jadi urang sunda. Kuring datang,kuring mi ang aya maksudna. Jang urang sunda sayaktosna. Kuring hirup lain keur urang sunda,da bangsa jeung basa urang beda. Ngan ukur ku katalian jangji jeung manehna. Nu kungsi bareng ngalalana. Ngan hanjakal geus e uweuh dikieuna. Kuring ngageuing jalma sunda,nu daek dihudangkeun tina tapana. K uring rek datang,ka jalma-jalma nu alus kasundaanana. Kuring saparakanca bakal datang,mantuan aranjeun,lain titah muja ka kaula. Ulah nitah ka kaula, atawa hayang nempo kaula. Tuturkeun we caritana, Carita urang su nda, nu ajeg ngaku urang sunda. Ayeuna geus mangsana. Wassalam Kuring Nonggerak 23 July 2008 8:30PM -0400 (Serat :12) (SILIWANGI & KI SANTANG)_- Hoyong Pendak Sareng Nonggerak ?. Sumangga ka sadayana,nyanggakeun,abdi jalmi biasa. Bilih hoyong eces abdi saha, mangga tingal ku bathin salira. Abdi didieu ngantos bade iraha, teu kedah hariwa ng abdi yaktos aya,abdi percanten seueur nu tiasa,ngebrehkeun abdi ku elmuna. Su mangga lebet ku sukma,sumangga geura anggo elmu nu netra, Sumangga geura buktoskeun cariosan salira,abdi ngantos nonggerak katingalna. Sin g saha nu tiasa sa ecrag nyata,muka halimun di sakuriling kuring gaduh raga,eta tandana Ki Santang tea. Mangga di antos ku kaula. Kuring nonggerak ti sunda sami

sareng salira sadaya. Abdi nyata,abdi aya. Wassalaam Nonggerak 27 July 2008 6:22PM -0400 (Serat :13)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Wicaksana. Wicaksana Sing saha mawa tanda,hiji jalma nu wicaksana,geura ngagero anjeun aya dimana,ngarah buru ngahiji jeung nu geus aya. (Serat :14(SILIWANGI & KI SANTANG)_Ageman Sri Baduga Maharaja. Ageman Sri Baduga Maharaja_1. Sri Baduga Maharaja raja sunda nu ngawasa,nu katelah sarua jeung Hyang Dewata, s akti mandraguna,pageuh nyekel kayakinan lila,kayakinan ka Hyang Widi. Saha nu ny angka aya guratan beda, robah ngagem nu leuwih misti. Hiji mangsa nu geus pisan lila,hawar-hawar ngadenge beja,aya pamingpin di hiji nagara nyekel elmu luhung t ur wicaksana jeung pageuh kuat nyekel agama. Jorojoy aya hate suka, suka kana be ja jeung kawentaranana,sugan bisa meunang batur nu sawawa. Hiji mangsa tumiba kana takdirna, Baduga tepung jeung nu sawawa,pamingpin Nagara Kalifah ngarana,mere beja nu teu disangka. Lain ngadu lain balitungan tungtungna,Baduga kalah kaburu rempag omongana,ucap j eung laku lampah nu lempeng aturan,kajeun boga kawasa nu sakitu gedena Baduga ra ja nu wicaksana,ngaku tina jero dasar manahna : Ieu geuning nu diteangan kamanamana, ajaran jang ngajawab kahirupan anu fana. Ku rohmatNa Hyang Wenang Sajati,Baduga nenjo kalawaning bukti,ajaran nu geus jad i misti,asa lewang bisi kaburu pinanggih jeung pati. Baduga nanya ka eta jalma, timana meunang kasaktian jeung elmuna,eta jalma ngan ukur ngasongkeun wasta, Kit ab Suci Qur an ti Nu Kawasa. Istuning ku kanyaah MantenNa, bathin Baduga ngudupruk euweuh tangan pangawasa,sakabeh kasakten karasa euweuh gunana,kalimpas ku jajaran papat ah nu netra nyata. 28 July 2008 8:28PM -0400 (Serat :15)(SILIWANGI & KI SANTANG) -_Kanggo Ka Nu Tos Nampi Serat Ti Halimun. Kanggo Nu Tos Di Calukan. Anjeun nu geus digero ku halimun,geura beunta ulah ngalamun,geura ngahiji jiga s apu ayun,boga hate sarua rek ngawangun. 29 July 2008 6:26PM -0400 (Serat : 16)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Ageman Sri Baduga Maharaja_2 Ageman Sri Baduga Maharaja_2 Hampura mun ageman Baduga loba nu teu sarua,keun urang handeuleumkeun dina jero iga,urang diajar hirup bareng bari beda,fitrah nu geus diciptakeun ku Allah Nu M aha Kawasa. Kuring amit ka balarea,kuring ngan katitipan carita,bari kuring tetep ngarasa,ja lma anu euweuh kabisa.

Wassalaam Nonggerak 3 August 2008 9:18PM -0400 (Serat :17)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Hayu urang babarengan maluruh mana nu enya _1. Hayu urang babarengan maluruh mana nu enya_1. Assalaamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh, sampurasuuun,kuring Nonggerak menta hampura ka sakabeh sepuh,kuring meunang parentah deui jang maluruh,sugan bisa urang nyaho carita anu puguh. Sumangga ka sadayana nu nyaah ka urang sunda,urang pagedrog make carita,teu meunang make rasa,urang kahareupkeun maksud mimitina,urang mimitian dina poena,nuturkeun carita nu teu puguh timana asalna,kuring mawa carita nu mistina,lain ngan saukur nu bisa katara.Sawareh mawa carita nu asa enya,dumasar kana kitab nu jiga enya. Jieunan manusa nu teu kungsi aya dina kajadianana nu enya. Ngan hanjakal tarung carita sok pang hayangna diaku enya. Sawareh mawa carita ti kolot2na nu enya,ngeunaan kajadian nu teu kalakonan enya,ngan hanjakal ngabela ngan ku rasa asa enya,teu inget lambey manusa sok jauh ti enya. Sawareh ngan saukur ngadenge carita nu katingali enya,asa milu jeung katingali enya,keun wae carita jauh ti enya,jeung sarua hanjakal sok pa enya-enya. Sawareh nungguan nu mana nu enya,hayang maluruh karuhun pituin nu enya,ngarah bisa nyulusup kana hate nu enya,ngarah teu haben unggal poe teu nyaho nu enya. Sawareh teu paduli nu mana nu enya,da geus ngarasa euweuh patali jeung kajadian nu enya,jeung ngarasa euweuh untungna malire nu enya,nu penting bisa hirup jadi jalma enya. Kuring ngawakilan ¡jalma¢ nu ngalaman nu enya,dumasar kanu karasa,katingali,kainget nu enya,nu masih kumalendang ngalakonan di alam dunya nu enya,ngan ukur hayang nepikeun kajadian nu enya. Hampura mun ceuk aranjeun teu enya,hampura mun teu kasawang ieu enya,hampura ulah kabawa hate nu enya,hampura mun kuring mawa carita nu teu biasa enya. Siliwangi kataji ku ajaran Islam,diajar jeung ngadatangkeun guru2 Islam,nepi ka ngaku dirina Islam,kunaon bet gujrud mun dirina Islam ?Ki Santang Islam,jadi batur dalit jeung guruna jang nempo kalam,kajeun maranehna hirup beda alam,tetep pageuh mapay jaman nepi ka salah sahiji tinggal makam. Ulah jadi bancang pakewuh,anggur geura haget urang maluruh,kuring panggih jeung nu kungsi wawuh,sugan jeung sugan ieu anu puguh.Lain teu hayang anjeuna mawa bukti ka kiwari,ngan hanjakal nu tiluan can wani ngahiji nunjukeun ciri,anjeuna oge teu bisa sangeunahna nyiliwuri,kawatesan ku aturan makhluk dina diri.Anjeun makhluk,kuring makhluk,anjeuna makhluk,oge nu geus tilar makhluk. Anjeun mawa bukti,kuring mawa bukti,anjeuna mawa bukti,makam nu tilar jadi buktiKuring wawakil nu di amanatan,ngaikhtiaran nu ngahandeuleum lain di wetan,sugan jeung sugan tinekanan,geus aya mah moal beunang beak dihakan. Bari ngahaok ka urang sunda,naha sawareh teu percaya ka Sri Baginda,nu geus ngahaja neundeun benda,jang bekel aranjeun nu geus lawas ka tunda. (Serat :18)(SILIWANGI & KI SANTANG) -_Hayu urang babarengan maluruh mana nu enya _2.

Ceuk Saha ? Ceuk saha Ki Santang nu ngahandeuleumkeun anakna? Ceuk Saha Baduga ngagem keneh kayakinan lilana? Ceuk saha panggih jeung nyabut iteuk Sayidina Ali nu beda jamana? Rek nepi ka iraha aranjeun urang sunda euweuh sajarahna? Lamun carita Cirebon bener ayana,lamun carita Sumedang bener ayana,lamun carita Subang bener ayana,lamun carita Bogor bener ayana,Kunaon Pajajaran tetep euweuh laratanana? Kunaon aranjeun euweuh nu bisa nunjukkeun ayana di mana?Mun Ki Santang anak manusa,kunaon sarua teu ninggalkeun sesa, padahal Ki Santang sarua makhluk teu wasa,sarua ciptaan Gusti Nu Maha Esa. 15 August 2008 5:50PM -0400 (Serat: 19)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Ngeunaan Hiji Jalma. Ngeunaan Hiji Jalma Ngalengkah laun katebak angin mapai-mapai kebon eurih.Ngahaleuang hawar-hawar tembang pinuh ku kapeurih. Hiji lalaki ngalakonan dunya bari hate ngagerih. Asruk-asruka n neangan jalan hirup teu malire suku barabak katurih. Hayang geura balik nimuan indung bapa,hayang geura balaka yen diri asa teu wasa,hayang geura balik kapangkuan aranjeuna jiga keur budak harita,hayang bisa ceurik nepikeun sakabeh nu karasa. Tapi iraha ? Engke hiji mangsa bakal panggih jeung jalma jiga kuring,ceuk Siliwangi ka Ki Santang. Nu jiga kumaha ? Nyaeta jalma nu ngajadikeun nanaon cukup ku gerentes. Bisa ngahaokan angin,bisa marentah guludug,bisa nyalukan cai,bisa ngigelkeun seuneu. Bisa nyaho gerents hate batur,bisa ngagulak gilek hate batur,bisa ngawasa awak batur,bisa nyaho kahareup bakal kumaha. Bisa ngubaran panyakit nu euweuh ubarna,ngahudangkeun nu lumpuh sakahayangna,bisa ngodok ka jero awak manusa sejena,bisa ngarusak jero awak batur ukur ku gerentesna,bisa mawa suka loba manusa,oge bisa mawa karusakan ka jalma loba. Ngadeg ka dunya bari teu sarua jeung sejenna. Istuning pinuh ku kabingung ngahartikeunana. Euweuh jalma nu kungsi bisa ngebrehkeun nu ditanyakeunana. Ngan ukur bisa ngaheruk nginget kana nasibna. Ya Allah aya naon ieu teh ? Ya Allah saleresna saha abdi teh? Ya Allah bade kumaha abdi teh? Ya Allah kedah kamana abdi teh? Sajuta kabingung nyurulung,bathin jumerit menta tulung,ngan ukur bisa nuturkeun jalan euweuh tungtung,bari nungguan katerangan ti Nu Maha Agung diuk di juru bari neuteup ka langit,ceudeum sarupa jeung bathina nu jumerit,dibulak balik tetep ngarasa aya nu leungit,sakabeh nu kalakonan pait. Lumpat ka nu bisa niat rek tumanya,geuning angger keneh teu bisa nerangkeun nu ditanya,lumpat nepi karasa geus ditungtung dunya,tapi bathin tetep asa beda dunya. Beda beda beda jeung beda,kalah sering disebut jalma rada,fitnah jeung kanyeri lalar liwat ngajeuwang dada,ngan ukur bisa nyarita bari dareuda. Hatena ukur bisa ngarenghik,ceurik balilihan disangka ku jalma loba jelema musyrik,Gusti Allah,Demi Allah abdi sanes musyrik,jagi bathin abdi ulah musyrik,Gusti abdi tulungan,bathina ceurik ngabangingik. Diusir tina kumpulan kulawargana,disebut budak euweuh baktina,disebut jalma loba dorakana,dirina mung bisa tumarima narima nasibna. Carita hiji budak manusa,nu diciptakeun teu jiga manusa,mapay jalan lai n

paragi manusa,tetep manusa? Nepi ka hiji mangsa pinanggih jeung nu diteangana,aya jawaban nu salila ieu dikorehan dimana-mana,geuning sakabeh aya maksudna. Geus kuduna tinekanan kana waktuna,datang nyelesep kana sukmana,ngartikeun sakabeh kabingungna,negerkeun sakuriling manahna. Hadir dina ngimpina,negeskeun kudu kumaha manehna,ngarah mangfaat sakabeh nu dipibogana,jang memener karusakan dunyana. Sairing cahya nu nyaangan kalbuna,hadir guru nu salila ieu geuning nalingakeun teu aya petotna,guru nu teu dinyana eta ngarana. Teu langsung percaya kana omongna,da rumasa teu katempo wujudna,sieun goreng bal ukarna,komo mengpar tina kayakinan agamana. Kayungyun ku sabarna,eta guru nuturk eun kahayangna,nepi ka pinanggih ku sorangan hartina,nungguan nepi ka ikhlas nar imana. Hiji guru lain ti bangsa manusa,dibantuan ku baturna opat welas ayana, di kudukeun nalingakeun jeung ngagiring jalana,nepi ka siap jang ngalalana. Guru nu nunjukeun kudu kumaha,guru nu nunjukeun aturan agamana,guru nu nerangkeun rek kumaha,guru nu menerkeun mun aya salahna. Guru nu jadi guru baheula,nu kungsi ngaguruan karuhuna,nu mingpin Karajaan Tatar Sunda,nu kaamanatan ngajaga jeung ngariksa. Sugan jeung sugan laksana,kajeun ge us tangtu loba hahalangna,mugi Allah ngalangsarkeun jalana,dibarengan keukeuh pa geuh nyekel akidahna. Alhamdulillah hiji dua panggih jeung buktina,hiji dua kabuktian caritaan guruna, hiji dua aya nu milu sairing ngusahakeunana,hiji dua ka ubaran nalangsana. Ngoreh kasundaan nu tinggal sesana,mapay galeng neangan nu sarua nyaah kana kasu ndaanna,ngasruk leuweung dibarengan kaludeung,bari memener jalma nu keur baluwen g. Nyoba ngageuing urang sunda nu sakitu reana,nyalukan geura buru inget barangb ang semplak dina sirahna,ngarah teu geura leungit ciri nu mustari dina dirina. Lain ngarasa asa pang sundana,lain ngarasa asa pang bisana,lain ngarasa asa pang aingna,tapi ngarasa nyaah ka kasundaana. Geus aya nu tiluan maturan,kari nungguan tinekanan,bari tetep inget kana wiwitan ,euweuh mahluk nu aya dina kalanggengan. Pun Sapun Kuring Jurungkeun,nyampeur nu dihandeuleumkeun,tunda poho nu bareto,nu mangkuk di saung butut. Menta dijurungkeun ku nu diamanatan,muka sesa nu dihand euleumkeun di daratan,nu ampir kapopohokeun jaman,kajadian di saung jalma duaan. Sakabeh carita geus ngaruntuy jeung buktina,mang taun-taun diebrehkeun sawareh-sawareh,istuning runtuyan carita nu loba hartina,sajarah Pajajaran nu geus pageuh katoreh. Tadina hate teu narima bari mangmang ,nempo untuyan sajarah jiga di awing-awang,anging kersaning Gusti geuning bisa kasawang,dibarengan muntang ka Pangeran bisi nyalimpang. Ngan ukur bisa sumujud ka Nu Kawasa,padahal diri teu rumangsa bisa,mugia tinekanan ka nu jadi mangsa,ngawujudkeun amanat ngadegkeun deui ieu bangsa. Jang sakabeh urang sunda,nu ngarasa rahayat sunda,ulah poho aranjeun sunda,geura wani ngaku bangsa sunda 19 August 2008 7:56PM -0400 (Serat :20)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Ageman Sri Baduga MAharaja_3 Ageman Sri Baduga Maharaja_3

Kacaritakeun Baduga mulang bari mawa kamelang,geuning manahna saparat ngalalana kalah mawa kamelang,geuning nu tadina tandang malik jadi manggul kahariwang,Baduga beak dengkak mulak-malik uteuk jang ngalaeungitkeun nu jadi baluang. Dimimitian ku tekad awaking hayang ngudag nu sajati,Baduga mulang ka lembur mawa hiji bukti,yen diri manusa sakumaha wae disebutna sakti,euweuh nu bisa nandingan ajaran ieu nu bakal mawa mukti. Bari ngaliwatan poe-poe nu jadi sesa,Baduga ngamimitian muka hate jang papatah Nu Maha Kawasa,beuki jero asa beuki euweuh tangan pangawasa,hate melang bisi teu kaburu mayaran dosa. Dibarengan ku niat anu kuat,Baduga muntang menta diajar nepi ka parat,ngarah bisa bisa tengtrem nyanghareupan sakarat,ngarah kaburu keneh bebekelan nyanghareup akherat. Ku kersana Nu Maha Kawasa,sobat dalitna tungtungna balaka bari teu maksa,ngaenyakeun eta ageman jang nyalametkeun bangsa manusa,ngarah di akherat engke teu meunang siksa. Ki Santang leukeun nuturkeun ti taun ka taun nu geus kaliwat,hayang milu menerkeun kahirupan Baduga nu jadi sobat,nepi ka tinekanan baturna tobat,sujud syukur ka Allah dipaparin waktos teu nepi ka telat. Robah jaman,robah mangsa,robah cara nempo dunya,emutan Baduga teu ngan ukur ngudag-ngudag dunya,geus ngamimitian nyawang alam saenggeus alam dunya,bari diomat-omatan sobatna ulah ninggalkeun kawajiban dudunya. Baduga tungtungna nyekel pageuh ageman ka-Islam-an. Nu bakal mawa robah sajarah kahareupna rahayat Pasundan,silih genti jeung Santang nyi¢arkeun ieu ageman,babarengan naratas jalan jang ngadegkeun kabeneran. Mimiti eta Baduga ngarobah ngarana,di julukan Sunan Rohmat ayana,dimakamkeun haying jiga rahayatna,ngan ukur menta do¢a ti anak-anakna. Gelar anyar jang ngukir kayakinan anyar, Tah ayeuna geus diterangkeun Baduga teh Siliwangi nu disebut Sunan Rohmat tea. (Serat :21)(SILIWANGI & KI SANTANG) - Ageman Sri Baduga MAharaja_4 Ageman Sri Baduga Maharaja_4 Moal enya ari karajaan talukanana boga masjid agung, ari pamarentah pusatna teu boga? Lamun pamarentah daerah kabeh Islam,maenya pamarentah pusat Hindu? Intina pamare ntah pusat pasti Islam,rajana oge. Sri Baduga Maharaja teh Islam,mun hayang bukti,tingali karajaan talukana,Islam l ain? Mun Hindu,sunda bakal didominasi ku Hindu,aya tapak arca-arca Hindu. Eta bu ktina ! Eta buktina ! (Serat :22)(SILIWANGI & KI SANTANG)_- Kunaon Pajajaran Leungit ? Kunaon Pajajaran Leungit ? Penghianatan ti jero istana,kalakuan Satria Hideung,leuwih ngora ti Sri Baduga Maharaja,anak bibina ,lalim,mawa pasukan rorokidul,siluman-siluman jabrig saawak-awak,bentrok maung jeung pasukan rupa-rupa bentukna. Pajajaran luhur gunung,dihandapna dikuriling

sawah-sawah,maung-maung diposisi sawah-sawah,dayeuh geus dikepung,luareun sawah-sawah,euweuh jalan kaluar. Pasukan musuh mawa siluman-siluman. Dibantuan rorokidul,dayeuh dikepung, Bakal loba korban,Sri Baduga Maharaja jeung nu tetep satia ngaraleungit,kabur ka kidul,malipir gunung,ngajauhan dayeuh. Dayeuh paburisat,rahayat kalabur,nu nyesa pasukan Satria Hideung,kabingungan,dayeuh ngemplong euweuh eusian. Musuh ngabagi,ngudag ka lima jalan,dayeuh molongpong,Ki Santang nutup ku halimunan,jadi leuweung geledegan. Musuh paburisat beuki teu ngartieun. Ngarumpul di hiji tempat luareun dayeuh nu nepi ka ayeuna pinuh ku siluman,nungguan mangsa muka halimunan. Ayeuna eta tempat jadi tempat pamujaan,jang nyegik,melet jeung sajabana. Nu ku aranjeun dideukeutan kamari bari leumpang opatan. Curug tujuh. Ti semet eta Ki Santang ngarasa dinyerikeun Nyi Dewi,pangawasa laut kidul.. Nu ayeuna beuki ngarajalela,ngawut-ngawut akidah manusa. Dayeuh tetep dikepung. Nu ngadeukeutan atawa boga niat napak tilas ka dayeuh bakal digoda,dipengkolkeun ka tempat muja. Siluman-siluman disebar neangan nu bisa muka dayeuh. Can kapanggih. Eta nu dipikahariwang Ki Santang. Kunaon bet titah bias nyumput dinu caang. Can kuat ngalayanana,moal bisa ngalawan siluman-siluman eta ngan ku opatan,komo bari teu yakin mah. Matak cilaka. Ulah nanyakeun ka Ki Santang kunaon can muka. Tingali ka aranjeun opatan,tingali diri,can siap anjeun,loba kasieun,teu wani. Padahal geus waktuna,kudu pageuh pacekel-cekel leungeun. Anjeun teu nyaho naon nu bakal disanghareupan engkena. Siluman. Nu kungsi ngancurkeun Pajajaran. Ulah nyalahkeun guru kuring. Anggur giatkeun diri,meungpeung aya keneh umur. Sing boga tapak nu mulia jang balarea saencan aranjeun tilar dunya. (Serat :23)(SILIWANGI & KI SANTANG)_- Keur Nu Dicalukan. Keur Nu Dicalukan Bisi aranjeun hayang leuwih telek kana diri aranjeun sorangan,kuring InsyaAllah bisa mantuan mapay nu ku aranjeun geus kungsi kaliwatan,sakalian nunjukeun yen kami teh lain heuheureuyan,istuning ngalengkah satekah polah ngusahakeun jang nyukcruk galur ngarah bisa ngadeg deui urut Pajajaran.. Kanggo Ceu Ambu, saha nu boga dedegan lalaki sedeng eta ? Dedegan kyai seseg,osok mere papatah nu niiskeun hate lain? Osok datang kana ngimpi lain? Make baju bodas,panjang nepi ka satengah bitis,sok disebut Ki Haji lain? Geus lawas bareng ngabaturan lain? Kang Ema, kalem,pinuh kayakinan,sarua anjeun oge keur nungguan,hayang bisa muka nu jadi wiwitan. Hayu urang geura ngamimitian,didasaran ku sarua nyaah kana kasundaan. Bisi aya nu can kapanggih nu ku anjeun diteangan,sugan kuring oge bisa saeutik mantuan,ngarah mangfaat kana kasundaan,kuring aya. Kang Tirta, kuring nyaho anjeun geus boga jawaban,ulah salempang nepikeun bebeneran,geura milu babagi nanjeurkeun Kasundaan,geus mangsana urang ngalengkah babarengan. Kuring apal anjeun geus lawas nungguan,ieu mangsa jadi kanyataan,kajeun teu kaharti mun dipikiran,ulah ngan ukur dijadikeun lamunan.

Kang Tirta, kuring nyaho anjeun boga jawabana,ulah hariwang geura tepikeun kabalarea,salam ka anu sok mere anjeun beja. Urang bareng ngaguar deui sajarah sunda,nu geus lila ngacapang ku reka-reka. Kuring bakal datang,sugan saeutik bisa mere caang,ngarah mere hiji kayakinan,nu ayeuna ngan ukur kasawang. Kuring wakil ti Sancang,nepikeun nu kudu ditepikeun,ngajaga nu kudu dijaga,mulangkeun nu kudu mulang. Salam ti kuring saparakanca. Ua Duq, ulah era miluan,da nu kieu mah moal kaharti ku akal pikiran. Sabab urang sakabeh mahluk ngan saeutik nu dibikeun ka urang-urang,uteuk urang aya watesna,moal bisa maca kajadian sakabeh alam. Anjeun ge pan teu bisa nerangkeun kunaon sok kaimpikeun jalma make komprang hideung,iket hideung,barangbang semplak,nu sok rajeun datang nepungan,kajeun ngan kana ngimpi anjeun wungkul? Ulah era,lain ukur anjeun nu ngalaman,sing tumarima dicalukan. Mang Ucup, bisi panasaran elmu naon wae nu aya di Pajajaran,kersaning Gusti sugan kuring bisa mantuan. 22 August 2008 6:13PM -0400 (Serat :24)(SILIWANGI & KI SAANTAANG)_- Kanggo Nu Dicalukan Kanggo Nu Dicalukan Kang Ema, ke oge datang. Ua Duq, Susuktunggal lin? Ceuk Ki Barangbang Semplak nu sok make iket? Aya Sanding Taman,Nyi Galuh,Dewi Anggraeni,Siti Masyitoh,Siti Hotijah,nu mana? Inget kuring lain Baduga,kuring nyaho mun harita dibejaan ku Baduga. Nu dirusiahkeun manehna ka kuring mah teu nyaho. Kang Iman, lain incuna incu Baduga nu hianat teh,tapi ti anak bibina,dedegana jangkung leutik,boga hubungan deukeut jeung Majapait,rorokidul,teu dibantuan ku Gunung Jati. Baduga awakna teu jangkung. Rada lintuh. Kang Iman, Lemah Dewasasana,Jaya Dewata,Jaka Lalana,Dewa Jagat Nata,jeung sajabana mah ngan ukur landihan Kuring leuwih ngeunah nyebut Sunan Rohmat. Saha nu kungsi hirup jaman baheula,nepi ka nyaho taun-tauna. Karunya teuing Badu ga diduruk ditungtung hirupna,padahal anjeuna mulang dibarengan katenangan dina bathina. Saha nu nyaksian Baduga sapopoena,nepi ka apal bukur-bukurna,watir teui ng disangka euweuh jasana,padahal boga ngaran nu sakitu ahengna. Saha nu milu nempo jalan hirupna,nepi ka yakin asa milu ngalamana,deudeuh teuing disangka jalma loba dosana,padahal gede baktina Kang Agus, ari Batarakarang di jaman kiwari rek dipake jang naon? Jang narik harta? Aya anu kabuktian? Moal..Batarakarang loba dipake jang nyedot duit jsb. Disebut BK. Elmu nu dipiboga Sri Baduga keur can pindah ka Islam,kadugalan oge. Dipiceun teu dipake saenggeus asup Islam.Aya jimatna,bentukna jiga kalong. Hirup mun dibere getih.

24 August 2008 8:48PM -0400 [Baraya_Sunda] (Serat :25)(SILIWANGI & KI SANTANG) - _Kanggo Nu Dicalukan. Kanggo Nu Dicalukan Kuring nonggerak, saacana menta dihampura ka balarea,rumasa make basa nu garihal karasana,supaya euweuh nu ngarasa dibeda-beda,kuring ngahaja make basa sunda nu ayeuna. Kuring nonggerak,teu ngarasa mikaboga elmu luhung ayana,kuring ngan ukur makhluk biasa,nu sapopoe kumalendang di alam dunya,nuturkeun cai kamana ngucurna. Kang Agus Pakusarakan, eta ajian kungsi jadi cecekelan sobat kuring,ngan hanjakal dipake bari ngandelkeun bantuan bangsa kuring,eta oge nu teu ngarti kan a aturan,da sabenerna teu meunang dina agama. Kuring teu wawuh jeung nu sabangsa kitu,kajeub ajiana kuring bias,lain mawa waluya. Kang Iman, kuring hormat jeung muji kana kategesan anjeun ngeunaan Baduga (Siliwangi),keun urang teundeun mun manggihan nu beda,urang gedekeun jeung hijikeun nu sarua,sabab urang kudu taki-taki mapag mangsa kahareupna. Kuring bungah nu euweuh papadana,geuning loba keneh urang sunda nu nyekel kasundaana,eta tanaga nu teu leutik gunana,jang ngalengkah nimukeun deui jati diri sunda nu ampir euweuh dikieuna. Sakali deui Kang Tirta, keun kuring nu rek tandang,teu kudu ngahaja datang ka Sancang,kuring ti Sancang tilu ngawakilan sakabeh sancang, kuring katitipan salam sadulur ti Ki Santang. Kang Ema,tuturkeun we caritana,ke oge bakal pinanggih jeung anu kuduna,tuturkeun we caritana. Kang Roche, budak cicingeun hayang disebut budak baong? Teu kudu hariwang kuring bakal sabisa-bisa noong,ke oge ngalaman nu sok rajeun ngaliwat kana pikiran,sugan jeung sugan ku Allah diijinan. Kuring muji kana pikiran nu panasar an, sabab bakal metot jelema jang neangan,ngorehan sesa-sesa nu bakal jadi cecekelan, ngarah teu kasasab ka alam kangeunahan. Kang Dekky Mulyadi, nu ngawakilan budak kiwari mentingkeun eusi nu pondok bari nyari,teu ngan saukur hayang kaciri,mugi pinanggih jeung jati diri. Waliwis Bodas, hiber di awang-awang,boga hate nu kerep baluang,nuturkeun indung suku mapaymapay alam anu ngambang,muga anjeun hirup mawa seungit kembang.

Waluya, hiji ngaran nu diudag ku sakabeh jalma di dunya,hampura kuring teu wani muka anjeun boga sukma,ari teu diijinan ku nu mikabogana. Netta, Sunda bakal pinanggih deui jeung kadigdayaan,asal urang teu poho kana

wiwitan,teu miceun nu geus jadi ciri kasundaan,teu ngaleungitkeun jasa jalma nu kungsi ngagedekeun Pajajaran. Kang Kumincir, hampura kuring teu pati apal anjeun saha,ngan kuring teteg na hate anjeun jalma nu moal ngasaha-saha,kuring aya ukur ngahaok supaya sunda ngarasa lain nu saha,ngajak urang sunda leuwih ngahareupkeun usaha. Nitip salam ka urang lembur,kudu bisa duduluran kajeun lain dulur,urang babarengan geura nyukcruk galur,muka deui jalan jang ngaraketkeun sakabeh urang sunda sing asa jadi dulur. Ceu Roro, hampura mun kuring salah tetempoan,ngan kuring tetep gede harepan,teu kahalang umur nu geus elat-elatan,urang mangfaatkeun sugan teu kahalangan. Hampura kanu geus disebutan ngan teu kaburu dikorehan,sugan isuk jaga aya mangsa digeroan. (Serat :26)(SILIWANGI & KI SANTANG)_- Cirebon Menta Misah. Cirebon Menta Misah Cirebon menta misah lain kusabab Pajajaran lain Islam,aya hiji satria nu hayang leuwih meunang kakawasaan,ngahiji jeung karajaan tatangga nu geus lila mumusuhan,niupan hasutan supaya teu ngaku deui ka raja Pajajaran. Geus kasawang ku Siliwangi saacana,aya kajadian nu bakal ngarusak karajaana,kusabab Siliwangi boga hate nu wicaksana,milih malipir ngarah teu loba nu jadi korbana. Siliwangi geus teu pati ngagungkeun dunya,teu kabita ngan ukur ngudag-ngudag dunya,Siliwangi geus loba tafakur nyiapkeun bekel saenggeus dunya,ngarah tegep teger mun geus mangsana ninggalkeun dunya. 26 August 2008 8:07PM -0400 (Serat :27)(SILIWANGI & KI SANTANG)_- Deudeuh Teuing Sunda. Deudeuh Teuing Sunda Kajadian kaluar tina kepungan geus lain kaanehan,loba kaalaman ku jalma-jalma ki wari nu milu peperangan,kunaon bet dianggap carita bobodoan,padahal ngaleungitna eusi dayeuh harita bener kanyataan. Teu kudu bingung kunaon Cirebon menta pipis ahan,kajeun sarua Islam tapi besa prakprakan,katambah aya hiji jalma nu hayang k akawasaan,nepi ka tega menta bantuan raja nu ngamusuhan. Teu kudu disumput-sumpu t ratu laut kidul milu ngarusak Sunda,da kajeun kumaha geus loba pisan buktina,k omo dicampur-campur jiga ajaran agama,beuki jauh mengkol hate jalma. Ka sakabeh urang Sunda,nu ngaku atawa henteu anjeun Sunda,sakeudeung deui moal aya bangsa S unda,sakeudeung deui Sunda tinggal carita. Kuring ngan ukur bisa ngajak nempo di ri,kuring ngan ukur nitah geura nempo ciri,saencan leungit ieu nagari,jiga beuki leungitna ngaran Dewi Sri. Geura sosonoan kana kecap Sunda,sabab Sunda bakal eu weuh dikieuna,jiga kacontoan ku loba bangsa di dunya,nu ayeuna ngan ukur tinggal ngarana. Deudeuh teuing sobat kuring Siliwangi,sakitu kungsi boga ngaran anu wan gi,geuning bangsa anjeun bakal leungit ti ieu bumi,ngabarengan leungitna dayeuh diteureuy bumi. Pileuleuyan Sunda,pileuleuyan Baduga,nasib anjeun teu beda,ngan ukur jadi legenda. Geuning nu wani teu loba,ngan ukur saeutik nu nyaah ka Sunda, moal cukup jang ngalawan angkara,nu hayang keungit ieu Sunda. Ki Santang lain mahluk abadi,sarua jeung urang sarerea teu abadi,kawatesan ku um ur nu ditangtukeun ku Gusti,boa isuk geto Ki Santang mulang ka Gusti 29 August 2008

6:44PM -0400

(Serat :28)(SILIWANGI & KI SANTANG)_- Deudeuh Teuing Siliwangi. Deudeuh Teuing Siliwangi Hiji mangsan lahir ka dunya hiji budak lalaki, leutik tur istuning ririwit eta b udak lalaki, matak pikahariwangeun indung bapana, euweuh nu nyangka eta budak bakal terus aya dikieuna. Ti leuleutik eta budak beda pipikiran, ngaleuwihan tina umurna, katempo beda jeu ng jelema sakurilingna. Siliwangi leutik niliktik hirup di alam pikirana sorangan, lolobana euweuh jalma nu bisa ngabaturan, kusabab loba pisan nu teu kaharti ku akal pikiran. Mang taun-taun Siliwangi ngarasa sosoranganan, bongan mun mikir siga sakahayang sorangan, jiga nu teu malire kana omongan babaturan, kusabab Siliwangi bisa nyaw ang nu acan ka alaman. Kersaning Gusti nu masihan widi, Siliwangi bisa marentah lemah-seuneu-angin jeun g cai, boga kakuatan diri nu moal kaharti, Siliwangi gede jadi manusa nu bener-ben er sakti. Dina kahirupan nu loba sorangan, tungtungna pinanggih jeung nu sadia maturan, hiji makhluk nu beda kaayaan, istuning eta sobatna sabar ngabaturan. Kapeurih dina kahirupana nu asa sosoranganan, ka ubaran ku hadirna sobat nu kere p ngadatangan, babaturan nu teu petot mamatahan, mere papatah nu mana nu meunang jeung teu meunang dilakonan. Siliwangi leutik gubrag ka dunya, ririwit teu nyana bakal terus ngalalana, angin g kersana Nu Maha Kawasa, kajeun jiga teu daya eusi awakna beda. Siliwangi geus bisa ngahijikeun raja-raja satatar Sunda, anu cenah mah pangaruhn a nepi ka Sumatra, kunaon saenggeus anjeuna tilar dunya, Sunda bakal ukur tingga l ngarana? Deudeuh teuing anjeun Siliwangi Raja Sunda, dibere gelar anu mere wawangi ka nag ari Sunda, ayeuna bet aya nu norehkeun anjeun ngarusak Sunda, nepi ka tega anjeu n disebut mawa angkara murka. Bener anjeun lain jalma sampurna, ngan kuring apal anjeun gede jasana, bisa ming pin Sunda nepi ka puncak jayana, bisa ngawangun tatar Sunda nu dipikaseuseub ku tatanggana. Deudeuh teuing Siliwangi sobat kula, geuning nu ceuceub ka anjeun beuki dieu beu ki loba, geuning ngan saeutik urang Sunda nu masih keneh ngarasa anjeun urut raja S unda nepi ka euweuh rahayat Sunda nu apal anjeun dimakamkeun dimana. Geura ngaca ka nagari Cina, nepi ayeuna apal tulisanana, bari susulumputan na je ro hatena ngajungjung carita raja-rajana, teu kawas urang Sunda nu teu apal tuli san Sunda kumaha, jeung na jero hatena embung ngaku carita rajana. Kuring ngan ukur bisa ngalengis bari nyurucud cimata, ngaheruk nuturkeun carita anjeun ayeuna, mun anjeun ayeuna aya keneh dikieuna, istuning anjeun bakal ngahe las kungsi

diborojolkeun ka dunya. Haturan simkuring Suadma, Haturnuhun kuring disebut Aswatama, kuring bungah disa ngka ngarang-ngarang carita, kuring ngan ngajak aranjeun geura nyaring jadi urang Sunda jiga baheula. ~Wassalamu alaikum wr wb.. Kuring Nonggerek~

Waduhhh maaffff kepanjangannnnnnnnnnnnnnnn ....

Related Documents


More Documents from "Apuy Ing Juq"

Prabu Siliwangi
February 2021 0
Chapter 1 Full
March 2021 0
Hizib Siti Mariam.pdf
February 2021 1
Asma Raja Daud.docx
January 2021 2